Sipat jalma dumasar kana rupa-rupa hitutna August 9, 2007
Posted by imambahtiar in Banyolan Sunda.4 comments
Jalma jujur
Jalma nu daek ngaku mun geus hitut
Jalma teu Jujur
Jalma nu hitut tuluy nyalahkeun batur
Jalma belegug
Jalma nu nahan hitut mangjam-jam lilana
Jalma nu berwawasan
Jalma nu apal iraha kuduna hitut
Jalma nu Misterius
Jalma nu hitut tapi batur euweuh nu nyahoeun
Jalma nu sok gugup
Jalma nu ujug-ujug nahan hitut mun keur hitut
Jalma nu Percaya Diri
Jalma nu yakin yen hitutna seungit
Jalma nu Sadis
Jalma nu hitut bari dibekep ku leungeun tuluy dibekepkeun
ka irung batur
Jalma nu Isinan
Jalma nu hitutna teu disada tapi ngarasa isin sorangan
Jalma nu Strategic
Lamun hitut sok bari seuri ngagak-gak meh nutupan sora hitutna
Jalma nu Bodo
Lamun geus hitut tuluy narik napas keur ngagantian hitutna nu kaluar
Jalma nu Pedit
Lamun hitut dikaluarkeun saeutik-saeutik nepi ka disada
tit..tit..tit…
Jalma nu Sombong
Jalma nu sok ngambeuan hitutna sorangan
Jalma nu ramah
Jalma nu sok resep ngambeuan hitut batur
Jalma nu tara gaul
Mun hitut sok bari nyumput
Jalma nu Sakti
Mun hitut bari make tanaga dalem
Jalma nu pinter
Jalma nu bisa nyirian hitut batur
Jalma nu sial
Mun hitut kaluar jeung bukur-bukurna…
Si BORONTOX’S August 9, 2007
Posted by imambahtiar in Banyolan Sunda.add a comment
Pasosor mangsa keur girimis hujan, dipipir paranje aya dua hayam keur karojom. Si rintit jeung si borontox. Disebut si rintit soteh pedah buluna kawas meunang ngabonding, kitu deui siborontox buluna totol totol karenge rengean, teuing ngarah ka saha da indung bapana mah teu borontox borontox acan. Ngan numutkeun gosip nu sumebar, emana si borontox kungsi aya affairs jeung si jago nu ngeusian paranje sabeulah. Abong hayam!
Sirintit teh hayam bikang anu keur meujeuhna pelem dibabakak, ari si borontox mah duka jago duka bikang, da dedeg pangadegna jeung jawerna mah enya jiga bikang tapi dina rengkak paripolahna kawas hayam jago. Geura meh pasti wang tingali bujurna. Enya we geuning bikang, da waktu ditiup bujurna langsung ngajawab “Muhun…muhun!” Ieu meureun nu disebut hayam tomboy teh, hayam bikang, tapi kalakuan jalu banget.
Bari nungguan hujan raat, der maranehna ngobrol, teuing keur ngobrolkeun naon, da make bahasa hayam. Coba geura wang pasang detektor bahasa hayamna, meh kanyahoan naon nu keur diobrolkeunana.
“Uing mah bosen euy, unggal poe diparab huut ngebul teh!” Sirintit mimiti ngangluh.
“Heueuh nya…ceuk urang mah cik atuh dunungan teh sakali kali mah mere sangu ngebul pleus gepuk atawa pais gurame, meureun tada teuing ni’matna!” si borontox ngalokan.
“Karunya mah si denok euy, teu kaur endogan, meus meus dicokot ku dununganana, teu sirikna di tungguan tina bujurna. Sihoreng matak kitu ge, dununganana keur anyar pangantenan, unggal poe kudu ngaloklok endog!” Sirintit mimiti ngagosip.
“Keun wae da sipat jalma mah sok aya sipat sarakahna. Lain euy aya beja maneh sok ulin kapipir kampus?”
“Heueuh ka aing teh ngareken hayam kampus we nya!”
“Keun wae pan urang mah hayam, wajar mun gunta ganti jalu, dikaleng ku itu dikaleng ku ieu!”
“Sabenerna mah, jujur euy, basa silaing dikaleng ku si pelung, hate dewek teh ngaheab pisan!”
“Jadi silaing timburu tur aya sir kadua leutik ka si pelung?”
“Lain kitu…pan samemeh ngaleng silaing, sipelung teh kungsi mondok moek jeung dewek!”
“Baruk! Paingan beda! urut maneh mah. Tapi keun wae pan urang mah hayam.Wajar mun jalu maneh jalu urang oge! Ngan meureun nu teu wajar mah mun urang silih kaleng,silih galentoran, anu sarua papada hayam bikang. Hayam lesbian kasebutna!”
“Ari ayeuna kojom dipipir paranje,lain keur lesbian kitu?”
“Nya kuma silaing we, mun bari jeung otel meureun nya heueuh. Lain euy ari maneh geus ngadenge omongan dunungan?”
“Omongan nu mana?”
“Eta pajarkeun teh, hayang teuing bakakak hayam!”
“Heueuh dewek ge geus nyaho, mana dunungan teh sok nyetel wae lagu “andai ku tahu” uing mah sangheuk paeh ayeuna ayeuna, wayahna maneh heula nya nu dibakakak teh!”
“Tuh nya sok pinter kodek, puguh uing mah karek cieung cieung tas kaserang flu burung , jadi nu pantes dibabakak mah,nya silaing!”
“Nya maneh!”
“Silaing!”
“Maneh!”
“Silaing!”
“Maneh heula da bageur!”
“Silaing heula da geulis!”
“Maneh heula!”
“Silaing heula!”
“Teuing ah, anggur mah nek ulin deui kapipir kampus!”
“Huuhhh….dasar hayam kampus!”